Nyiram nyaéta kahayang anu kakandungan di bulan mimiti, kadaharannana
biasana anu sok hararaseum jeung anu hararésé ditéangannana. Contona: hayang
buah ngora, hayang numpak mobil puso. Biasana sok digugu ku anu jadi salaki
téh. Ieu nyiram mun anu kahayangna teu dituruti arokna mun lahir sok ngacay.
Tingkeban mangrupa upacara salametan atawa sidkoh pikeun dara anu
kakandungan opat bulan. Tujuannana sangkan jaga budak anu bakal lahir salamet.
Dina prakna salametan sok diitung heula waktuna. Waktu anu dicokot téh nyaéta
anu aya angka 4 na. Biasana tangal anu katompérnakeun bulan nyaéta tangal 24.
Hal-hal anu sok disadiakeun dina tingkeban
nyaéta kadaharan pikeun sidkoh atawa sedekah upama baé nyaéta
nyadiakeun tumpeng, biasana disebat tumpeng salamet. Tingkeban atawa babarit
nyaéta salah sahiji adat urang Sunda, anu mangrupa upacara
salametan pikeun dara anu kakandungan 7 bulan. Tujuannana pikeun budak anu
bakal lahir salamet. Dina prakna salamet sok diitung heula waktuna. Waktu anu
dicokot téh biasana tangal anu katompérnakeun
nyaéta tangal 27.
Hal-hal anu sok
disadiakeun dina tingkeban nyaéta kadaharan pikeun
sidkoh atawa sedekah upamana baé nyaéta
nyadiakeun lalab-lalaban saperti bonténg, waluh, kakacangan,
lauk jeung enog. Aya kapercayaan dina tingkeban nyaéta
ulah nyadiakeun dahareun peupeuncitan saperti hayam, domba, entog atawa
munding. Ceuk béja orokna mun lahir sok aya tapakan dina beuheungna.
Jaba keur sidkoh
bahan-bahan anu sok diayakeun téh nyaéta
kudu sagala 7 rupa di antarana baé, kembang 7 rupa, lawon
(samping) 7 rupa, jeung bubuahan 7 rupa. Aya bahan-bahan saperti mayang jeung
dewegan konéng sahulu.
Umur kakandungan
sabulan sok disebat ngahérang. Dua bulan sok
disebat ngalénggang. Tilu bulan sok disebat gumulung. Opat bulan sok
disebat mangrupa. Lima bulan sok disebat usik. Genep bulan sok disebat tumpak
bali. Tujuh bulan sok disebat malik (borojol 7 bulan disebat karuron). Dalapan
bulan sok disebat ngora. Salapan bulan sok disebat medal ka dunia. Leuwih ti
salapan bulan disebat reuneuh munding.
Sababaraha istilah anu
aya dina kakandungan:
1.
Paraji (bungkong)
2.
Inung beurang (bidan)
3.
Boboréh
(balur anu seungit)
4.
Disamping, dibedong
5.
Bebengkung (gurita)
6.
Totondér
7.
Ditujrag (sangkan teu
reuwasan)
8.
Cicirén
9.
Puput puseur, murag
(coplok, lésot) tali ari-ari tina bujal.
10.
Nyeumpal, barang gubrag
budakna langsung dibedong.
11.
Pipitis, balur hideung
dina tarang anu ngajuru.
12.
Tarujun, ngalahirkeun
anu sukuna tiheula.
13.
Kanjut kunang, wadah
udel nu leupas atawa wadah paragi panglay, bawang bodas jeung sajabana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar