Asik

Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

Senin, 21 Juli 2014

Adat Kabiasaan jeung Istilah Kakandungan



Nyiram nyaéta kahayang anu kakandungan di bulan mimiti, kadaharannana biasana anu sok hararaseum jeung anu hararésé ditéangannana. Contona: hayang buah ngora, hayang numpak mobil puso. Biasana sok digugu ku anu jadi salaki téh. Ieu nyiram mun anu kahayangna teu dituruti arokna mun lahir sok ngacay.

Tingkeban mangrupa upacara salametan atawa sidkoh pikeun dara anu kakandungan opat bulan. Tujuannana sangkan jaga budak anu bakal lahir salamet. Dina prakna salametan sok diitung heula waktuna. Waktu anu dicokot téh nyaéta anu aya angka 4 na. Biasana tangal anu katompérnakeun bulan nyaéta tangal 24.

Hal-hal anu sok disadiakeun dina tingkeban nyaéta kadaharan pikeun sidkoh atawa sedekah upama baé nyaéta nyadiakeun tumpeng, biasana disebat tumpeng salamet. Tingkeban atawa babarit nyaéta salah sahiji adat urang Sunda, anu mangrupa upacara salametan pikeun dara anu kakandungan 7 bulan. Tujuannana pikeun budak anu bakal lahir salamet. Dina prakna salamet sok diitung heula waktuna. Waktu anu dicokot téh biasana tangal anu katompérnakeun nyaéta tangal 27.

Hal-hal anu sok disadiakeun dina tingkeban nyaéta kadaharan pikeun sidkoh atawa sedekah upamana baé nyaéta nyadiakeun lalab-lalaban saperti bonténg, waluh, kakacangan, lauk jeung enog. Aya kapercayaan dina tingkeban nyaéta ulah nyadiakeun dahareun peupeuncitan saperti hayam, domba, entog atawa munding. Ceuk béja orokna mun lahir sok aya tapakan dina beuheungna.

Jaba keur sidkoh bahan-bahan anu sok diayakeun téh nyaéta kudu sagala 7 rupa di antarana baé, kembang 7 rupa, lawon (samping) 7 rupa, jeung bubuahan 7 rupa. Aya bahan-bahan saperti mayang jeung dewegan konéng sahulu.

Umur kakandungan sabulan sok disebat ngahérang. Dua bulan sok disebat ngalénggang. Tilu bulan sok disebat gumulung. Opat bulan sok disebat mangrupa. Lima bulan sok disebat usik. Genep bulan sok disebat tumpak bali. Tujuh bulan sok disebat malik (borojol 7 bulan disebat karuron). Dalapan bulan sok disebat ngora. Salapan bulan sok disebat medal ka dunia. Leuwih ti salapan bulan disebat reuneuh munding.

Sababaraha istilah anu aya dina kakandungan:
1.        Paraji (bungkong)
2.        Inung beurang (bidan)
3.        Boboréh (balur anu seungit)
4.        Disamping, dibedong
5.        Bebengkung (gurita)
6.        Totondér
7.        Ditujrag (sangkan teu reuwasan)
8.        Cicirén
9.        Puput puseur, murag (coplok, lésot) tali ari-ari tina bujal.
10.    Nyeumpal, barang gubrag budakna langsung dibedong.
11.    Pipitis, balur hideung dina tarang anu ngajuru.
12.    Tarujun, ngalahirkeun anu sukuna tiheula.
13.    Kanjut kunang, wadah udel nu leupas atawa wadah paragi panglay, bawang bodas jeung sajabana.

Jumat, 13 Juni 2014

Harti Organisasi jeung Conto Téks Rapat


Organisasi

Organisasi téh hartina pakumpulan, paguyuban atawa susunan jeung aturan rupa-rupa bagian (badan atawa pakumpulan) nepi ka sagala bisa jalan lancar. Sedengkeun istilah orgaisasi nyaéta istilah anu aya patula-patali jeung organisasi, misalna waé kecap-kecap : pupuhu hartina ketua, girang serat hartina sekretaris, panata harta sarua jeung bendahara.
Conto téks rapat
Miéling Isra jeung Mi’raj
Komar mangrupikeun Ketua OSIS SMAN 21 Garut anu kapancénan tugas pikeun mingpin rapat dina raraga persiapan miéling Isra Mi’raj. Jalanna rapat sapertos kieu:
Komar                         : “Assalamu’alaikum Wr. Wb. Bapa Pembina OSIS anu kusimkuring dipihormat. oge réng-réngan pangurus OSIS SMAN 21 Garut anu parantos sumping dina ieu saat. Mangga urang buka waé ieu acara rapat ku maca basmalah sasarengan.
Sadayanana     : “Bismillahirohmanirrohim”
Komar             : “Mangga urang langsung baé kana inti acarana nyaéta nangtoskeun naon waé kanggo acara Isra Mi’raj”
Aap                 : “Lebetan ti simkuring mah. Dina engké acara Isra Mi’raj téh dieusian ku acara lomba-lomba, sareng ngulem ustadz/ustadzah kanggo dakwahna”
Deden             : “Ari anu kitu mah, asana mah tos teu patos anéh ti taun kamari ogé. Kedahna aya anu benten deui. Sangkan henteu monoton.”
Lia                   : “Punten kasadayana, saur abdi mah sateuacan nangtoskeun acarana mangga urang ngadamel susunan panitiana. Supados janten tangtos.”
Pak Pepep       : “Muhun leres.”
Pangurus         : “Satuju…”
Dina salami rapat seueur pisan lebetan-lebetan ti anu ngiringan rapat. Sareng tos lami, rapat tos badé dugi kana akhir waktosana.”
Komar             : “Muhun, usulan ti sadayana parantos katampi. Ayeuna simkuring urang bacakeun baé hasil rapatna. Pupuhu kagiatan miéling Isra Mi’raj nyaéta Lucky, girang serat nyaéta Iis, sareng panata harta nyaéta Hastoro.”
                        “Acara kanggo rapat ayeuna ditutup heula, enjing dilajengkeun deui. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.”

Rapat nyaéta ngaréngsékeun hiji masalah anu teu acan karéngsékeun, ku jalan dimusyawarahkeun antara pupuhu jeung pangurus.
Dina rapat aya:
1.        Pupuhu, nyaéta anu mingpin rapat.
2.        Notulén, nyaéta anu nulis sagala hal anu patali jeung aya dina rapat.

Jumat, 09 Mei 2014

Conto Téks Panumbu Catur dina Acara Ngadeuheuskeun Pramuka di Sakola dina Raraga Ningkatkeun Kualitas Pendidikan


Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh

Puji sinareng sukur sumangga urang sami-sami sanggakeun ka Hadirat Allah SWT kalayan rahmat sareng magfirat ti manten-Na urang tiasa ruing mungpulung dina ieu riungan kalayan kawilujengan.

Dina danget ieu urang aya dina acara  Seminar Ningkatkeun Kualitas Kapramukaan di Kalangan Siswa SMA. Kanggo mitembeyan ieu acara, manga urang ngaoskeun basmalah sasarengan supados ieu acara tiasa lumangsung kalayan kawilujengan ti kawit dugi ka ahir acara engké! Mangga sasarengan. Bismillahirohmanirrohim.

Hadirin, anu ku simkuring dipihormat!

Parantos katingal ku urang, dina waktos-waktos ayeuna kualitas atikan Kapramukaan di urang ngalaman kamunduran. Tos tangtos deui dina kalangan siswa SMA. Seueur pisan kabeungbeurat anu karandapan ku para siswa sareng Pembina Pramuka. Salami ieu téh para siswa mung ngadeuheuskeun Pramuka téh teori wungkul, padahal Pramuka téh langkung lebet ka sistem bermain sambil belajar.

Hadirin, hormateun simkuring!

Pangajaran Kapramukaan téh saleresna mah pikaresepeun, margi tiasa ngipuk sikep jeung karep siswa anu alus. Naon baé atuh kiat-kiat pikeun ngarojatkeun kapramukaan di kalangan siswa téh? Ieu patarosan tangtos baris tiasa kawaler dina ieu riungan, wiréh dina waktos ayeuna Dr. H. Taufik Ismail, parantos nedunan pangulem panitia.

Hadirin, kanggo urang mah jenengan Dr. H. Taufik Ismail téh tangtos moal bireuk deui. Anjeunna téh bapa Kwarda Jawa Barat. Kanggo anjeunna tangtos widang Kapramukaan mah janten tuangeun sadidinten. Naming supados langkung uninga, saha ari Taufik Ismail téh? Simkuring baris ngadugikeun riwayat hidup (curriculum vitae) anjeunna.

(Macakeun Curriculum Vitae)

Henteu seueur waktos anu disayogikeun kanggo jejer bahasan, kirang langkung 60 menit. Teras ditambihan deui 30 menit kanggo bilih aya patarosan. Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ka Dr. H. Taufik Ismail kanggo ngadadarkeun bahasanana …………

(Pangjejer)

Hadirin, pedaran ti Dr. H. Taufik Ismail téh parantos didugikeun. Aya waktos kirang langkung 30 menit deui, bilih diantawis saderék anu badé ngadugikeun patarosan atanapi pidanganna manga dihaturanan.

Aturannana, anu badé tumaros atanapi ngadugikeun sasauran, dikawitan ngacungkeun panangan teras nyebatkeun jenengan. Sareng patarosan atanapi sasauran ulah kaluar tina tujul ieu kagiatan. Mangga.….

Hatur nuhun, kirang langkung aya 3 patarosan sareng 2 mangrupi kumandang. Kanggo ngawaler patarosannana manga ka Dr. H. Taufik Ismail dihaturanan …..

(pangjejer)

Hadirin!

Alhamdulillah réngsé kapihatur pedaran di Dr. H. Taufik Ismail. Tina sadaya anu parantos didugikeun ku anjeun, tangtu urang tiasa nyindekkeun yén saleresna mah ngarojatkeun Kapramukaan téh gampil, pami urang terang cara-carana

Ahirna ieu acara téh ti kawit dugi ka réngsé parantos kalaksanakeun kalayan lancer. Kanggo nutup ieu acara, sumangga urang sami-sami macakeun hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbil alamin

Hapunten anu kasuhun bilih aya cariosan-cariosan simkuring anu henteu merenah. Keuna ku paripaos biwir teu diwengku letah teu tulangan, biwir keuna ku jalir letah keuna ku salah. Mung sakitu anu kapihatur.

Wabilahitaufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Baca juga:
Pengelompokkan Bentuk Pemerintahan menurut Aristoteles dan Polybius
Conto Téks Panumbu Catur dina Acara Ngadeuheuskeun Pramuka di Sakola dina Raraga Ningkatkeun Kualitas Pendidikan
Lalampahan ka Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar dina Kagiatan Saba Budaya
Percobaan Konsep Fisika dalam Permainan Anak-anak
Praktikum Alat-alat Ukur

Kamis, 07 Maret 2013

Adat jeung Kabiasaan Mitembeyan di Tatar Sunda


Narasumber: Aki Andi

Rizal       : “Assalamualaikum!”
Pa Andi  : “Waalaikumsalam! Euleuh, jang Ijal. Sok kalebet!”
Rizal       : “Hatur nuhun, Pa! Pamugi kasumpingan abdi téh ngawagel waktos bapa atanapi henteu?”
Pa Andi  : “Henteu atuh, Jang. Nya badé aya naon kitu?”
Rizal      : “Panginten, hapunten heula ti payun, maksad kasumpingan abdi ka dieu téh, sabab ti sakola aya  tugas pikeun ngawawancara ngeunaan kabudayaan anu aya di ieu lembur.”
Pa Andi  : “Teras?”
Rizal       : “Nya, kersa henteu pami bapa diwawancara ku abdi?”
Pa Andi  : “Mangga, wé.”
Rizal      : “Hatur nuhun, Pa. panginten téma anu baris diwawancarakeun téh nyaéta ngeunaan mitembeyan.  Kumaha?”
Pa Andi  : “O..muhun-muhun.”
Rizal       : “Dikawitan baé atuh, Pa!”
Pa Andi  : “Mangga.”
Rizal       : “Pa, ari anu disebat mitembeyan téh naon?”
Pa Andi  : “Mitembeyan téh hiji ritual atawa upacara pikeun muka hiji pagawéan.”
Rizal       : “Dina naon baé biasa dilaksanakeunana?”
Pa Andi :  “Mitembeyan khususna dilaksanakeun dina tatanén saperti rék tanur, tebar, panén jeung    sajabana.”
Rizal       : “Naha jampé anu dianggona béda-béda atanapi henteu?”
Pa Andi  : “Beda, anu dibacakeunana memang béda laku béda jampé.”
Rizal       : “Ti saha bapa kénging kapercayaan sapertos kitu?”
Pa Andi  : “Ieu kabiasaan turun tumurun ti kulawarga bapa, mémang sainget bapa ogé ieu kabiasaan téh tos aya.”
Rizal       : “Pa! Kanggo naon kagunaan mitembeyan téh?”
Pa Andi : “Ari ceuk béja mah sangkan pare anu dipelakun téh dijaga tina hama-hama sawah lamun mitembeyan tanur, lamun mitembeyan panén kagunaanana sangkan hasilna beuner tur untung.
Rizal       : “Pa! Kumaha upami mah ieu mitembeyan téh dilanggar?”
Pa Andi  : “Nya teu nanaon keur anu teu percaya mah, tapi keur anu percaya ulah tepika teu dilaksanakeun, sabab keur anu percaya mah mémang tatanéna sok ruksak ku hama lamun teu dipitembiyan téh.”
Rizal       : “Pa! Naha ukur dina melak paré wungkul dilaksanakeunana mitembiyan téh?”
Pa Andi  : “Ari bapa mah dina tatanén pare wungkul, tapi sepuh bapamah dina melak jagong atawa panéna ogé osok.
Rizal       : “Ari bahana naon baé anu sok dianggo dina mitembeyan téh?
Pa Andi  : “Loba pisan. Contona apu, gamir, seureuh, bako,pahpirna, rujakeun sarta menyan.”
Rizal       : “Ari carana kumaha?”
Pa Andi  : “Carana, saméméh rék ngala atawa melak éta parawanten dibawa ka sawah pang tongohna terus dibeuleuman menyan.”
Rizal       : “Pa! Naha bapa terang asal muasal ieu kabiasaan téh?”
Pa Andi  : “Henteu,duka tina agama Hindu duka ti agama Islam. Ngalaksanakeun téh pédah dicontoan wé ku kolot apa.”
Rizal       : “O..muhun. Sakitu baé, Pa! Hatur nuhun. Pa!
Pa Andi  : “Atos?”
Rizal       : “Muhun, Pa! Hatur nuhun pisan, Pa.”
Pa Andi  : “Muhun. Sawangsulna. Tong isin-isin pami éta téh.”
Rizal       : “Muhun, Pa. Badé mulih heula atuh, Pa!”
Pa Andi  : “Naha atuh jang mani énggal-énggal teuing.”
Rizal       : “Henteu, Pa. Ieu parantos sonten”
Pa Andi  : “Muhun atuh. Punten wé, Jang teu disuguhan nanaon.”
Rizal       : “Hatur nuhun, Pa. Cekap. Punten wé parantos ngawagel waktosna.”
Pa Andi  : “Henteu, Jang.”
Rizal       : “Mangga atuh, Pa. Assalamualaikum.”
Pa Andi  : “Waalaikumsalam.”

Conto Naskah Seren Sumeren Basa Sunda


     Assalamu’alaikum wr.wb.
     Alhamdu nu jadi panundung rambu takabur, panyinglar rasa sarakah, panyeuseuh geugeuleuh manah, nyapukeun iri dengki nu ngancik dina diri, ngaberesihkeun hasud anu nyimbutan wujud sangkan beresih diri berséka ragateu geuneuk teu meuleukmeuk éstuning caang bulan narawangan jalan gedé sasapuan.
Patali jeung éta, langkung payus urang muji sukur ka yang Agung, muja basa kanu kawasa malah mandar keuna hampura nu maha jembar.
     Rahmat miwah kasalametan mudah-mudahan diséblok deudeuhkeun ka insan pang nyongcolangna saalam mancapada kanjeng nabi Muhamad SAW. Kapara kulawargina, para sahabatna, tabiin waltabiatna, malah mandar tur dugi ka urang sadayana umat ahir jaman anu satékah polah nyekel pageuh saripati Islam. Mudah-mudahan sing kaangken umat ku mantena sarta mudah-mudahan éta rahmat katut kasalametan sing diéprét parét diémprat ratakeun ka urang sadayana.
     Juru saur tatanan basa anu ku simkuring dipihormat, alim ulama, instansi pamaréntahan ti kawit atasan dugi ka bawahanana, nu gaduh maksad sakulawargi ogé sakulawargi hadirin walhadirot anu sami-sami ku simkuring dipihormat.
     Alahamdulillah dina danget anu mulya ieu urang sadayana tiasa riung mumpulung bongkok ngaroyok hempak merbayaksa di ieu haplah mubarokah.
     Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu lugina. Kiwari pameungkeut ranggeuy kadeudeuh, panyangcang simpay kanyaah, tali patri kaasih nu dianti ti bihari, nu didago ti baréto kiwari medal mangsana.
Salajengna simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana, réhna simkuring tos dipaparin widi, dipasihan alas pikeun ngadugikeun maksud nu dikemu ti kapungkur, ngabalakakeun maksad anu diheungheum tibaheula.
Dina kiceup anu ieu, dina rénghap anu ayeuna. Simkuring keuna ku paripaos, biwis samung leméh suku samung léngkah, seja nyesepuhan tipihak pangantén pameget.
     Dongkapna simkuring miwah rombongan ka ieu tempat ngandung maksad anu kawengku, nyandak maksad anu kariksa, gaduh niat anu utama seja masrahkeun sababaraha hal:
1.  Silaturahmi
     Khususna ka nu gaduh maksad umumna ka balaréa kalayan laksana harepan tina ladang silaturahmi, buah nepangan baraya, sing sugih rigi jeung pangarti, jembar harta nu manfaat, panjang yuswa nu barokah.
Salajengna simkuring seja nyuhunkeun dihapunten tisadayana bilih temah ti rombongan, khususna simkuring pribadi aya laku lampah nu teu ka ukur aya basa nu teu biasa, rumaos simkuring keuna ku basa biwir teu di wengku létah teu tulangan, biwir keuna ku jalir janji létah keuna ku salah basa.
2. Silatul wa’di
    Simkuring datang ti anggang cunduk ti jauh, tomorojog dongkap ka ieu tempat téh kaayaan ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngepat-ngepat nyatang pindang, sanés suwung tina maksud leupas tina seja, nanging kagungan maksud menakan maksad seja merik asih nu kamari ngancik, ngudag subaya nu jadi panyangcang rasa. Nyusul bepus bukur catur nu kapungkur, sawala anu baheula, badanten anu tipayun, badami anu kamari.
Angkatna pun anak téh dijurung ku laku sepuh, dipirig kadang wargi, dipapag kadang baraya tapi sok sanaos kitu, ieu rombongan téh ngabrulna mah ngabrul nanging teu bari manggul, ngabringna mah ngabring nanging seueur nu ngaligincing, ngaleutna mah ngaleut nanging teu nanggeuy, ceuk kasarna mah teu bungkus-bungkus kosong acan.
3. Silatul jasdi (nepungkeun 2 jasad)
    Simkuring seja nyanggakeun ieu pun anak dohir sareng batina, tiluhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, ti gigir saligincir cingir, ti hareup sabuleud peureup mangga nyanggakeun.
Nyakitu deui batinna. Pinter sareng bodona, sae miwah awonna ngancik dina diri nu tumerep dina raga pun anak hasil ngatik ngadidik ti leuleutik buruh pitutur tikapungkur, buah pangajar ti baheula éta ogé sami nyanggakeun.
     Atuh pamunut tinu janten sepuh, paneda ti ibu rama. Upami pun anak subur ku bengkung pang lempengkeun ku pangjeujeuh, upami subur ku renjul pang nyugukeun ku pitutur, upami keuna ku simbut kedul disaléndang ku horéam dipasieup ku taligeuh, ditambah balangah jeung gagabah pangnoélkeun, pangnepakeun sing dugikeun ka robih deui.
4. Silatul mal (nepungkeun harta)
    Jingjingan anu kajingjing, panggulan anu ka panggul, cacandakan anu kacandak, sasieureun sabeunyeureun mangga nyanggakeun. Sok sanaos mung alakadarna, sanes badé nyapirakeun kana maksud ngalalaworakeun kana maksad, nanging ieu mah tawis kaisin, tilam kasono ciri kadeudeuh sareng katineung, sakali deui hapunten, simkuring ngaraos janten jalmi anu heureut pakeun pangsat bahan teu tiasa ngabageakeun.
5. Silatulahmi
    Sateuacan amit mungkur tutup catur wekasan basa ahir carita. Simkuring seja ngémutan ka pun anak. Jalu anaking, kiwari cunduk waktu medal mangsa, pakait patali, pasini atos ngabukti, subaya atos nyata, sakedap deui hidep bakal robah kaayaan ngantunkeun jaman lalagasan nuju jaman rimbitan jaman anu nangtang sabar jeung tawekal. Sing hareupaneun hidep kiwari sanés ukur tanjakan sajengkal sagara sadeupa.
    Perkawis kawajiban sareng tanggung jawab anu kamari ditibakeun ka rama néng ....., sakedap deui bakal janten kawajiban sarta tanggung jawab hidep, upami kamari kirang tuangna, awon angona kawajiban ramana, sakedap deui bakal janten kawajiban hidep.
    Hidep dangukeun ieu pangwejang, turut ieu piwuruk amanat nu janten sepuh, siapkeun kaimanan tur kaislaman masing kuat, tanamkeun tabah sabar katut tawekal margi dina rumah tangga mah bagja bakal datang bingung tangtu cunduk, susah bakal karandapan. Lamun bagja anu datang poma ulah kaleuleuban, lamun bingung anu cunduk poma ulah ngarasula, lamun susah anu karandapan omat ulah aral subaha. Sing bisa narima kana qodo qodar anu kawasa.
    Tutup catur pungkasna basa, mudah-mudahan pun anak dina ngambah rumah tangga sing runtut raut sauyunan, ka cai jadi sa leuwi ka darat jadi salogak, silih asih ku pangarti, silih asah ku pangabisa, silih asuh ku pangaweruh. Keuna kubasa sakinah mawadah warohmah. Amiiii.
     Hapunten anu kasuhun hampura anu kateda, bilih aya saur anu teu ka ukur basa anu teu ka teda, ulah janten pondok nyogok panjang nyugak, sapatungul sirungan catang sapaan gantar kakaitan.
    Ahirukalam. Wassalamu’alaikum wr.wr.

Rabu, 06 Maret 2013

Resensi Novel Ngawadalkeun Nyawa

1. Identitas Novel
   Judul Novel     : Ngawadalkeun Nyawa
   Pangarang : Moh. Ambri
   Penerbit             : C.V Pusaka Sunda
   Citakan              : Katilu
   Nomer               : 1136
   Jumlah Halaman : 88 halaman
   Gambar jilid ku : Kadarisman
2. Ringkesan
    Alam baheula di Japara kakocapkeun aya sudagar sugih mukti, punjul ti sasamana, malah loba para ratu di Tanah Jawa nu kaungkulan dunya baranana. Najan enya luhur kuta gede dunya, Ki Sudagar handap asor, sareseh jeung bear budi, katambah ku murah tangan.
   Pareng Ki Sudagar ti Japara nyaba ka demak, nyimpang ka kiai malah nepi ka ngendong tina panasaran. Ti saentas sasalaman jeung Datawardaya hatena ngageremet wae. Mimitina kiai teh henteu wakca sabalakana, tapi Ki Sudagar hantem ngaguliksek. Ahirna Ki Sudagar ngucap alhamdulillah, paralak nyarita panjang, majar teh bungah asa manggih pependeman, jajaka anu dicileuk teh dinya kapanggih.
Heuleut tilu bulan ti harita Datawardaya geus di Japara, jadi minantu Ki Sudagar. Lila-lila Datawardaya ginanjar anak awewe, alus mulus, matak suka indung-bapa, komo aki na mah. Sakali mangsa  pareng nyaba jauh, nyarita ka pamajikanana rek balajar tutuluyan ka tanah Malayu, sarehna geus heuleut tara lunta ka dinya. Sabulan, dua bulan nu ditinggalkeun di imah calageur, teu aya kitu kieu. Na ari dina bulan katilu Nyi Sudagar katarajang gering.
   Anu dijurung nyusulan nu keur lumaku sababaraha urang. Sanggeus meunang genep bulan di jalan, nu nyusulan nepi ka tanah Malaka. Datawardaya kapanggih keur sasadiaan arek mulang balajar ka Jawa moal barangsimpangan. Nepi ka Japara Datawardaya panonna geus jarero, tulang pipi nyalalohcor.
Nyi Sarimaya ngoceak bari ngarontok ka bapa. Datawardaya ngaragamang nyabak leungeun nu gering. Nu gering jongjon bae peureum, tayohna kacida capena urut ngagoakeun hate sono ka salaki, bungah bisa tepung samemeh dug jeung urut dibawa nyarita. Wanci kongkorongok hayam sakali kerelek Nyi Lembana, lastari mulih ka jati, mulang ka asal. Samemeh maot Nyi Lembana wasiat ka salakina pikeun dihampura sakabeh kasalahanna jeung pikeun ngurus anakna.
   Kacaritakeun barang geus matangpuluh, Datawardaya eureun tina jadi sudagar. Tuluy jadi kiai, muka pasantren. Dina hiji poe Ajengan kakara gek pisan entas ti masigit netepam lohor, di buruan aya nu pacental-cental. Dirman ngabejakeun ka ajengan yen aya jajaka nu ujug-ujug bade kalacat bae unggah ka bumi, teu aya bema karama. Eta jajaka teh dititah ku panghulu agung di Demak. Ngaran eta jajaka teh Walia.
Walia teh urang Demak, anak tukang dagang urang pasar. Ti saingetan geus teu boga bapa, diurus ku indungna bae, dipikameumeut leuwih ti nanaon. Walia nyaritakeun kabeh pangalaman hirupna. Dina hirupna Walia loba ngalakokan dosa. Walia ngomong ka Ajengan yen manehna hayang jadi santri di eta pasantren. Ajengan oge narima eta Walia pikeun jadi santri anyar di eta pasantren.
   Dina hiji poe Ajengan angkat ka taman, isuk keneh pisan palay uninga lebah mana parantina Walia numpi. Gebeg teh anjeuna ningali oray dua tingeuleugeug dina tangkal kacapiring. Bareng jeung ngagebeg Anjengan diinkisap ku Nu Mahasuci, dadaksakala ngadangu jeung ngartos kana omongan sasatoan.
Oray nu hiji nyaeta oray pribumi jeung nu hiji deui oray semah. Oray pribumi tatanya ka oray semah. Ajengan ngadengekeun omongan eta oray. Maksad datangna eta oray semah ka dinya teh nyaeta pikeun macok nu ngarana Walia. Sabab Walia teh geus ngawiwirang alim gede, muridna Nabi Hidir. Poe eta Ajengan ngawurukan teu pati jongjon. Ari ret ka Walia, ras kana omong oray.
   Ajengan nanya ka Sarimaya, ari manehna geus siap kawin can. Harita Sarimaya teu ngajawab. Geus lila jeung sok mineng ditanyakeun tungtungna mah Sarimaya ngomong, yen manehna mah bogoh teh ka Walia. Ajengan ngaaminan. Tuluy ti dinya Ajengan ngomong, yen sabenerna mah Walia teh jalma nu pinuh ku dosa. Dina kadalapan poena ti tas kawin, Walia kudu ajal, patina ku oray, ngan aya kaolna, Walia bakal ninggalkeun anak lalaki, nu jadi alim gede kamashur ka mana-mana.
   Lila Ajengan mindel teu ngahilir. Geus kitu saurna alon, “Nya ari geus dikadarkeun kudu ka dinya jodona, taya kumaha, ngan Bapa menta tempo rek mikir heula. Pek ka ituh badami jeung Darsinah.” Euleuh inditna nyi Sarimaya mani giak. Ari Ajengan pasrah si pasrah, tapi ngungun. Getret nulis ka sobatna di demak, di Kudus, tuluy miwarang nganteurkeun. Suratna paranyang nyarioskeun kasumpeg galih hal putra, ditungtungan mundut pituah, kumaha pisaeeunana. Pleng walonan ti sobat-sobat tea teu aya bae. Walia umurna nincak kana salikur taun. Waktuna nu dipikapaur tereh nepi. Ari putra katembongna beuki gerah, beuki beger, jeung raraosanana asa aya nu ngageuwat-geuwat.
   Hiji poe Ajengan nanya ka Walia, “Kumaha kaayaan manehna ayeuna?”
Walia, “Sumuhun aya saeutik. Sakapeung plong hate teh asa bungangang teu puguh-puguh, da teu aya pikabingaheun. Aya majarna dongkap nalangsa, banget sedih langkung-langkung ti sasari. Dongkap ka cipruk anggel cipanon. Sakapeung bingah henteu, nalangsa sanes, bingung sanes, diri abdi asa kosong. Ngan abdi mah tos iklas ayeuna mah bade kumaha-kumaha oge ku Gusti.”
Tuluy Ajengan nanya ka Walia,”Kumaha laum maneh dikawinkeun, purun?”
Walia teu bangun atoh, teu kaget, walonna “Abdi mah teu gaduh kahayang, kumaha kersa Ajengan bae.”
Ajengan, “Heueuh, jadi purun kitu.”
Walia, “Sumuhun, ngiringan kersa Ajengan.”
Ajengan, “Heeh, sakitu wae, pek ka ituh, bisi boga pagawean mah.”
   Gancang carita. Dina riungan peutingna teu wudu bumi Ajengan pinuh ku tamu. Dina unggal rombongan rame nyarita perkara elmu, sabab harita Islam diurang haneut keneh, kacida dipake kamegahanana. Biasana alam harita panganten lalaki sok ditanggap medar elmu, kudu ngajawab pertanyaan semah. Ari Walia harita dina riungan teh kawas bueuk meunang mabuk, diuk ngeluk teu kecet-kecet.
   Kacaritakeun dina poe kadalapan, geus beurang, ngan tacan meletek srangenge, tara-tara ti sasari Walia tacan hudang. Nyi sarimaya ngaleos teu kanyahoan, bus ka pangkeng, tuluy ucul-ucul papakean, disalin ku papakean Walia, sirah dikukurudung. Geus saged bijil ti imah, niatna rek ka kebon, ka handapeun kembang paranti walia nyingkur.
    Sadatang-datang gek iuk nangkeup tuur, dikarimbun bari peureum, dikir sajeroning hate. Aya meureun sapanyeupahan meureun lilana, celetot kana indung sukuna, asa aya nu nyocog ngagentak. Ari ngejet, karasa aya nu geunyal katincak. “Alhamdulillah, Kakang Walia salamet,” ceuk nyi Sarimaya bari peureum, nahan kanyeri. Golepak, sek. Sarimaya lastari pegat nyawana. Mayitna geuneuk saluarna, ku matih-matihna peurah.
   Kocap malaikat nu mawa nyawa melesat ka langit. Datang ka lawang nyampak pirang-pirang arwah jeung manglaksa-laksa malaikat anu mapag. Tapi ceuk luluguna nu mapag, “Naha bet awewe, apan urang sarerea kudu mapag lalaki. Ari ieu saha?
   Diwalon ku Sarimaya, “Kuring, bojona nu kedah maot tea.”
Malaikat nu jaga lawang, “Ih, lain bojona, salakina nu kudu maot teh.”
Malaikat maot, “Teu aya kasebut saha-sahana nu kudu maot poe ieu, wayah kieu, lebah dinya.anu pareng aya awewe, nya ieu wae.”
   Ceuk para arwah, “Hih, atuh kaliru etah, kudu buru-buru dipulangkeun deui.”
Sarimaya, “Teu sawios, keun bae kuring gantina, da kuring parantos dongkap ka dieu.”
Malaikat nu mapag, “Hih, teu meunang, teu aya pitempateunana.”
Malaikat maot, “Hayu atuh urang balik deui.”
Para arwah, “Mangkahade kudu pulih saasal tadi.”
Sarimaya, “Sumuhun, nanging badan kuring geus ruksak ku peurah, geuneuk saluarna.”
Malaikat maot, “Entong salempang, cageur deui, hayu bae buru-buru, bisi aya nu nganyahokeun manten.”
Sarimaya, “Ah, moal wangsul deui, upami salaki kuring kudu maot ayeuna-ayeuna mah. Bade didagoan wae di dieu.”
Malaikat, “Moal, moal tulus ayeuna. Jaga deui ari geus aya dawuhan Nu Mahasuci.”
“Mangga ari kitu mah,” walon Sarimaya.
    Seot ngan sakilat, Nyi sarimaya nyawana geus sup deui kana ragana. Jung indit, teu rurat-reret ka gigir ngabigbrig lumpat ka imah, bus ka jero nyampeurkeun ka nu keur ngariung Walia.
Datang-datang gorowok bae, “Salamet! Kakang geura tanghi!”
Sarerea ngarenjag, Ajengan ngaranjug bari istigfar.
Ajengan, “Subhanallah, Enok! Enok, nanaonan eta teh?”
Sarimaya make papakean lalaki, munjungan ka rama omongna, “Berkah Bapa, salaki abdi salamet.”
Ajengan, “Lailahaillallah, kumaha ieu teh, ngimpi?”
Sarimaya, “Sanes ngimpi, Bapa, sayaktosna, mangga itu tingali iteuk ngadak-ngadak sirungan.”
Ajengan, “Masya Allah, ajaib. Kudat iradat Pangeran tetep matak helok manusa. Ari Enok nanaonan mana kitu barangpake?”
   Ajengan bingahna amarwata suta, dinuluran bagja, putra jeung mantu wilujeng. Ti semet poe eta, saterusna ngan kari mulusna. Walia jadi jelema utama, sagala adatna nu goreng leungit samasakali, cara emas beunang ngabesot.
3. Kaleuwihan Novel
    Kaleuwihan ieu novel seueur pisan. Basa ieu novel pami dibaca babari kahartos, margi henteu seueur teuing nganggo gaya basa nu hese. Unggal poko-poko caritana kadugikeun dugi ka jelas pisan. Ieu novel didugikeun sacara ringkes jeung padet, sareng henteu ngirangan kana maksad eta poko caritana.
4. Kakurangan Novel
   Ieu novel aya oge kakuranganana. Ieu novel dina eusina teu ditambihan ku gamar-gamar nu matak leuwih ngajelaskeun eusi eta novel. Sareng dina ahir eta novel, tina kecap-kecap jeung kalimah-kalimahna saolah-olah hoyong gera dianggeuskeun.
5. Kasimpulan
   Ieu novel layak pisan pami ku urang dibaca. Margi seueur pisan eusi dina ieu novel ngeunaan kana masalah-masalah sosial sareng kaagamaan. Ieu novel oge netelakeun ka urang sangkan ulah pondok harepan kana hiji perkara, sabab unggal perkara aya hidayahna pikeun urang. Moal samata-mata Allah nibakeun cocoba pikeun urang lamun di luar kamampuh urang.

A. Unsur Intrinsik
a. Tema : Cinta
b. Palaku :
1) Ajengan (Ki Sudagar), anu boga pasantren di Japara
2) Datawardaya, salakina Nyi Lembana
3) Nyi Sudagar (Nyi Lembana), anakna Ki Sudagar
4) Nyi Sarimaya (Enok), anakna Datawardaya jeung Nyi Lembana
5) Walia, murid anyar pasantren, salakina Nyi Sarimaya
6) Dirman, badegana Ki Sudagar
7) Bibi (Darsinah), badegana Ki Sudagar
8) Kiai, guru Walia di Demak
9) Jasiman, tukang dagang nu kopet
10) Panghulu, kokolot di Demak
11) Ambu Karliah, lanceukna Walia
12) Malaikat maot, anu dek nyabut nyawa Walia
13) Para arwah, arwah anu aya di kahiangan
14) Oray pribumi jeung oray semah, anu dek maehan Walia
c. Tempat :
1. Jepara
2. Demak
3. Malayu
4. Langit
d. Amanat : urang ulah pondok harepan. Sagala cocoba aya jalan kaluarna. Ulah eureun-eureun neangan elmu anu mangpaat. Mun urang jadi jalma nu aya, kudu hade ka sasama.
e. Galur Carita : galur caritana ieu novel ka asup kan galur maju. Sabab ieu novel nyaritakeun kumaha mimitina poko masalah, jeung ti mana eta masalah sarta pamecahanana.
B.Unsur Ekstrinsik
1. Atikan: loba pisan atikan anu teu saluyu jeung kahirupan sapopoe urang. Tapi aya oge anu saluyu jeung   kahirupan urang. Tapi lolobana mah alus, sabab etikana aralus, kumaha etika nu jadi murid ka guru, nu jadi anak ka kolot jeung sajabana.
2. Agama : unsur ekstrinsik ngeunaan agama dina eta novel kawilang alus. Sabab lolobana setting ieu novel di daerah pasantrenan. Oge dina pameran-pameranna oge lolobana mah anu agamana harade.
3. Sosial: dina ieu novel unsur sosialna teu goreng. Dina ieu novel aya sababaraha masalah ngeunaan sosialna. Ngan pedahna teh ieu novel teu pati loba nyaritakeun pamasalahan jeung lingkungan luarna. Jadi lolobana mah sabudeureun pasantren atawa si palaku utamana wungkul.
4. Budaya: budaya dina eta novel kawilang lumayan alus. Sabab teu pati loba nerangkeun masalah kaudayaan. Aya oge sababaraha budaya anu masih dilakukeun saperti neangan elmu nepikeun ka negeri sabrang melaan ninggalkeun anak pamajikan, aya oge budaya ngawinkeun anak teh dijodokeun ku kolotna.