Assalamu’alaikum
Warohmatullahi Wabarokatuh
Puji
sinareng sukur sumangga urang sami-sami sanggakeun ka Hadirat Allah SWT kalayan
rahmat sareng magfirat ti manten-Na urang tiasa ruing mungpulung dina ieu
riungan kalayan kawilujengan.
Dina
danget ieu urang aya dina acara Seminar
Ningkatkeun Kualitas Kapramukaan di Kalangan Siswa SMA. Kanggo mitembeyan ieu
acara, manga urang ngaoskeun basmalah sasarengan supados ieu acara tiasa
lumangsung kalayan kawilujengan ti kawit dugi ka ahir acara engké!
Mangga sasarengan. Bismillahirohmanirrohim.
Hadirin, anu ku
simkuring dipihormat!
Parantos katingal ku
urang, dina waktos-waktos ayeuna kualitas atikan Kapramukaan di urang ngalaman
kamunduran. Tos tangtos deui dina kalangan siswa SMA. Seueur pisan
kabeungbeurat anu karandapan ku para siswa sareng Pembina Pramuka. Salami ieu
téh para siswa mung ngadeuheuskeun Pramuka téh teori wungkul, padahal Pramuka
téh langkung lebet ka sistem bermain
sambil belajar.
Hadirin, hormateun
simkuring!
Pangajaran Kapramukaan
téh saleresna mah pikaresepeun, margi tiasa ngipuk sikep jeung karep siswa anu
alus. Naon baé atuh kiat-kiat pikeun ngarojatkeun kapramukaan di kalangan siswa
téh? Ieu patarosan tangtos baris tiasa kawaler dina ieu riungan, wiréh dina
waktos ayeuna Dr. H. Taufik Ismail, parantos nedunan pangulem panitia.
Hadirin, kanggo urang
mah jenengan Dr. H. Taufik Ismail téh tangtos moal bireuk deui. Anjeunna téh
bapa Kwarda Jawa Barat. Kanggo anjeunna tangtos widang Kapramukaan mah janten
tuangeun sadidinten. Naming supados langkung uninga, saha ari Taufik Ismail
téh? Simkuring baris ngadugikeun riwayat hidup (curriculum vitae) anjeunna.
(Macakeun Curriculum Vitae)
Henteu
seueur waktos anu disayogikeun kanggo jejer bahasan, kirang langkung 60 menit.
Teras ditambihan deui 30 menit kanggo bilih aya patarosan. Supados teu
nyangkolong kana waktos, sumangga ka Dr. H. Taufik Ismail kanggo ngadadarkeun
bahasanana …………
(Pangjejer)
Hadirin,
pedaran ti Dr. H. Taufik Ismail téh parantos didugikeun. Aya waktos kirang langkung 30
menit deui, bilih diantawis saderék anu badé ngadugikeun
patarosan atanapi pidanganna manga dihaturanan.
Aturannana,
anu badé
tumaros atanapi ngadugikeun sasauran, dikawitan ngacungkeun panangan teras
nyebatkeun jenengan. Sareng patarosan atanapi sasauran ulah kaluar tina tujul
ieu kagiatan. Mangga.….
Hatur nuhun, kirang
langkung aya 3 patarosan sareng 2 mangrupi kumandang. Kanggo ngawaler
patarosannana manga ka Dr. H. Taufik Ismail dihaturanan …..
(pangjejer)
Hadirin!
Alhamdulillah réngsé
kapihatur pedaran di Dr. H. Taufik Ismail. Tina sadaya anu parantos didugikeun
ku anjeun, tangtu urang tiasa nyindekkeun yén saleresna mah ngarojatkeun
Kapramukaan téh gampil, pami urang terang cara-carana
Ahirna ieu acara téh ti
kawit dugi ka réngsé parantos kalaksanakeun kalayan lancer. Kanggo nutup ieu
acara, sumangga urang sami-sami macakeun hamdalah
sasarengan. Alhamdulillahirobbil alamin
Hapunten anu kasuhun
bilih aya cariosan-cariosan simkuring anu henteu merenah. Keuna ku paripaos
biwir teu diwengku letah teu tulangan, biwir keuna ku jalir letah keuna ku
salah. Mung sakitu anu kapihatur.
Baca juga:
Tidak ada komentar:
Posting Komentar