Narasumber:
Aki Andi
Rizal : “Assalamualaikum!”
Pa Andi : “Waalaikumsalam! Euleuh, jang Ijal. Sok
kalebet!”
Rizal : “Hatur nuhun, Pa! Pamugi kasumpingan
abdi téh ngawagel waktos bapa atanapi
henteu?”
Pa Andi : “Henteu atuh, Jang. Nya badé aya naon kitu?”
Rizal : “Panginten,
hapunten heula ti payun, maksad kasumpingan abdi ka dieu téh, sabab ti sakola aya tugas pikeun ngawawancara ngeunaan
kabudayaan anu aya di ieu lembur.”
Pa Andi : “Teras?”
Rizal :
“Nya, kersa henteu pami bapa diwawancara ku abdi?”
Pa Andi : “Mangga,
wé.”
Rizal :
“Hatur nuhun, Pa. panginten téma anu baris diwawancarakeun téh nyaéta ngeunaan mitembeyan. Kumaha?”
Pa Andi :
“O..muhun-muhun.”
Rizal :
“Dikawitan baé atuh, Pa!”
Pa Andi :
“Mangga.”
Rizal :
“Pa, ari anu disebat mitembeyan téh naon?”
Pa Andi :
“Mitembeyan téh hiji ritual atawa upacara pikeun muka hiji pagawéan.”
Rizal :
“Dina naon baé biasa dilaksanakeunana?”
Pa Andi : “Mitembeyan khususna dilaksanakeun dina
tatanén saperti rék tanur, tebar, panén jeung sajabana.”
Rizal : “Naha jampé anu dianggona béda-béda atanapi henteu?”
Pa Andi : “Beda, anu dibacakeunana memang béda laku béda jampé.”
Rizal : “Ti saha bapa kénging kapercayaan sapertos kitu?”
Pa Andi : “Ieu kabiasaan turun
tumurun ti kulawarga bapa, mémang sainget bapa ogé ieu kabiasaan téh tos aya.”
Rizal : “Pa! Kanggo naon
kagunaan mitembeyan téh?”
Pa Andi : “Ari ceuk béja mah sangkan
pare anu dipelakun téh dijaga tina hama-hama sawah lamun mitembeyan tanur,
lamun mitembeyan panén kagunaanana sangkan hasilna beuner tur untung.
Rizal : “Pa! Kumaha upami mah
ieu mitembeyan téh dilanggar?”
Pa Andi : “Nya teu nanaon keur anu
teu percaya mah, tapi keur anu percaya ulah tepika teu dilaksanakeun, sabab
keur anu percaya mah mémang tatanéna sok ruksak ku hama lamun
teu dipitembiyan téh.”
Rizal : “Pa! Naha ukur dina melak paré wungkul dilaksanakeunana
mitembiyan téh?”
Pa Andi : “Ari bapa mah dina tatanén pare wungkul, tapi
sepuh bapamah dina melak jagong atawa panéna ogé osok.
Rizal : “Ari bahana naon baé anu sok dianggo
dina mitembeyan téh?
Pa Andi : “Loba pisan. Contona apu, gamir, seureuh,
bako,pahpirna, rujakeun sarta menyan.”
Rizal : “Ari carana kumaha?”
Pa Andi : “Carana, saméméh rék ngala atawa melak éta parawanten
dibawa ka sawah pang tongohna terus dibeuleuman menyan.”
Rizal : “Pa! Naha bapa terang asal muasal ieu
kabiasaan téh?”
Pa Andi : “Henteu,duka tina agama Hindu duka ti agama
Islam. Ngalaksanakeun téh pédah dicontoan wé ku kolot apa.”
Rizal : “O..muhun. Sakitu baé, Pa! Hatur nuhun. Pa!
Pa Andi : “Atos?”
Rizal :
“Muhun, Pa! Hatur nuhun pisan, Pa.”
Pa Andi : “Muhun.
Sawangsulna. Tong isin-isin pami éta téh.”
Rizal :
“Muhun, Pa. Badé mulih heula atuh, Pa!”
Pa Andi : “Naha atuh jang mani énggal-énggal teuing.”
Rizal :
“Henteu, Pa. Ieu parantos sonten”
Pa Andi : “Muhun
atuh. Punten wé, Jang teu disuguhan nanaon.”
Rizal :
“Hatur nuhun, Pa. Cekap. Punten wé parantos ngawagel waktosna.”
Pa Andi : “Henteu,
Jang.”
Rizal :
“Mangga atuh, Pa. Assalamualaikum.”
Pa Andi :
“Waalaikumsalam.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar