Asik

Minggu, 27 April 2014

Lalampahan ka Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar dina Kagiatan Saba Budaya



Bubuka
Tujuan diayakeunana ieu kagiatan nyaeta sangkan tambah pangaweruh ngeunaan budaya Sunda khususna Singa Depok. Waktu dilaksanakeunana ieu kagiatan nyaeta kaping  9 Mei 2010 anu tempatna di Kp. Datar Jeruk Ds. Sukamaju Kac. Talegong Kab. Garut Propinsi Jawa Barat. Sadayana murid kelas 10 jeung 11 SMAN 21 Garut janten pamilon dina ieu kagiatan anu di kaping ku saurang Guru

Eusi
Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar perenahna di wewengkon Kampung Datar Jeruk, Desa Sukamulya, Kacamatan Talegong Kabupaten Garut Propinsi Jawa Barat. Lingkung seni ieu anggangna kira langkung sakilometer ti Kantor Desa Sukamaju.

Ieu kagiatan kawengku ku sababaraha acara. Panata acara dina ieu kagiatan nyaeta Ahmad Hata Nurseto. Acara-acara anu di kapayunkeun nyaeta :
1. Bubuka
2. Sambutan-Sambutan
    - Sambutan ti wawakil SMAN 21 Garut (Bp. Hilman Ramdiana, S.Pd)
    - Sambutan ti Pupuhu Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar (Bp. Rahyu)
3. Tanya Jawab
4. Pentas Seni

Bpk. Hilman R., S.Pd
Acara dibuka kirang langkung jam 9 enjing-enjing. Panata acara muka acara dina ieu kagiatan ku ngucapkeun Bismillahirrahmanirrahim. Parantos kitu sambutan ti wawakil SMAN 21 Garut, Bp. Hilman Ramdiana, S.Pd. Eusi dina sambutanna bapa Hilman ngahaturkeun nuhun ka para anggota Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar anu parantos kersa diwagel waktosna ku ieu kagiatan. Saterasna bapa Hilman amanat ka sadayana murid-murid SMAN 21 Garut anu sarumping sangkan merhatoskeun ieu kagiatan ti mimiti dugi ka rengse, sareng dicatet perkara-perkata anu diemut penting.


Bpk. Rahyu

Salajengna acara diteraskeun ku sambutan ti Pupuhu Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar, Bp. Rahyu. Eusi dina sambutanna bapa Rahyu ngahaturkeun nuhun ka sadayana rengrengan bapa/ibu guru sareng murid-murid SMAN 21 Garut anu parantos kersa sumping dina eta paguyonan. Teras ngabeberkeun kasantukang diadegkeun ieu lingkung seni. Ngadegna ieu Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar nyaeta kaping 13 Oktober 2004. Pimpinan ieu Lingkung Seni teh nyaeta bapa Amat, pupuhuna bapa Rahyu sarta palatihna bapa Suhayat. Anggota ieu lingkung seni nyaeta 22 urang. Salianti Seni Singa Depok, Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar oge aya deui kreasi seni anu sejenna nyaeta Dogdog.

Saparantosna rengse sambutan ti Pupuhu Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar Bp. Rahyu, dilajengkeun kana acara tanya jawab pamilon sareng ti Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar. Aya sababaraha patarosan anu ditaroskeun ku pamilon khususna murid-murid SMAN 21 Garut. Ieu daptar patarosan anu ditaroskeun ku murid-murid SMAN 21 Garut sinareng waleranna ti Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar.

Patarosan kahiji ti 11 IPA, patarosanna, ”Naon kasan tukang ngadegkeun ieu lingkung seni sareng aya henteu regenerasi dina para personilna?” Walerna, “Kasan tukang ngadegkeun ieu lingkung seni nyaeta pikeun ngamumule seni daerah, khususna seni Sunda nyaeta Singa Depok.Salajengna perkawis regenerasi, saleresna mah aya sababaraha murang kalih anu parantos dilatih ngan teu langkung ka eta murang kalih kanggo neraskeun atanapi lirenna mah.”

Patarosan kahiji ti 11 IPA, patarosanna, “Alat musik naun wae anu aya dina dog-dog?” Walerna, “Alat musik anu aya dina dog-dog nyaeta saluyu jeung sorana, hiji tingtit, kadua tong, katilu pak,sareng nu  kaopat brung.”

Patarosan kadua nyaeta ti kelas 11 IPS, patarosanna, “Ti mana asalna ieu seni Singa Depok?” Walerna, ”Pami ceuk asalna, ieu kasenian singa Depok teh asalna mah ti Subang sareng Pameharan Selawi.”

Patarosan katilu nyaeta ti kelas 10-3, patarosanna, “Kumaha sangkan ieu budaya tetep aya/lestari?” Walerna, “Janten kumaha generasi salajengna (generasi muda). Sareng kumaha urangna. Intina mah kudu aya karep ti generasi muda pikeun ngamajukeun ieu kabudayaan.”

Patarosan kaopat nyaeta ti kelas 10-2, patarosanna, “Kumaha carana sangkan para nonoman wanoh kana seni budaya Sunda, khususna Singa Depok ieu?” Walerna, “Janten ari kitu mah, urang teh kedah tiasa ngabujuk para nonoman sangkan wanoh kana ieu seni Sunda. Salah hiji carana nyaeta ku nyeueuran vareasi dina senina.”

Patarosan kalima nyaeta ti kelas 10-1, patarosanna, “Aya kendala naon wae dina mertahankeun ieu lingkung seni?” Walerna, “Ari kendala mah tangtos aya wae ngan ari anu karaos abot pisan mah nyaeta perkawis anggota. Janten aya anggota anu damel di luar kecamatan dugi ka luar kabupaten. Janten sok hese pami aya uleman kedah tampil.”

Saparantosna acara tanya jawab, dilajengkeun deui kana acara anu salajengna nyaeta Pentas Seni. Pentas seni anu ka hiji nyaeta dog-dog. Acara rame pisan saban seueur pisan para pamilonna. Dina pentas dog-dog ieu seueur murid-murid SMAN 21 Garut anu ngiring kaul ka panggung.

Pentas seni anu kadua nyaeta Singa Depok. Katingalna mah eta anu mangul singa Depok teh siga hampang padahal mah henteu. Margi eta singa Depok teh beurat. Salami mangul singa Depok teh para pamaenna ngalakukeun gerakan-gerakan anu ngiringan musik. Aya oge sababaraha urang barudak SMAN 21 Garut anu tumpak kana eta singa Depok.

Sadaya acara parantos dilaksanakaeun panata acara baris nutup eta kagiatan ku ngucapkeun Alhamdulillahirabbilalamin. Saparantosna kitu sadayana murid SMAN 21 Garut marulih ka bumina sewang-sewangan, teu hilap silaturahmi heula kasadayana anggota Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar.
 
Panutup
Acara Saba Budaya ditutup jam 11.30 siang kaping 9 Mei 2010. Hikmah anu tiasa ku urang tiasa dicandak tina ieu kagiatan seueur pisan. Urang tiasa langkung wanoh kana seni Singa Depok, urang tiasa reueus kana ieu seni, urang kedah ngalestarikeun ieu seni margi pami teu ku urang bade ku saha deui, jeung sajabana.















Baca juga:
Pengelompokkan Bentuk Pemerintahan menurut Aristoteles dan Polybius
Conto Téks Panumbu Catur dina Acara Ngadeuheuskeun Pramuka di Sakola dina Raraga Ningkatkeun Kualitas Pendidikan
Lalampahan ka Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar dina Kagiatan Saba Budaya
Teori Proses Penciptaan Alam Semesta
Praktikum Alat-alat Ukur

Tidak ada komentar: