Bubuka
Tujuan diayakeunana ieu kagiatan nyaeta sangkan tambah pangaweruh
ngeunaan budaya Sunda khususna Singa Depok. Waktu dilaksanakeunana ieu kagiatan nyaeta
kaping 9 Mei 2010 anu tempatna di Kp. Datar Jeruk Ds.
Sukamaju Kac. Talegong Kab. Garut Propinsi Jawa Barat. Sadayana murid kelas 10 jeung 11 SMAN
21 Garut janten pamilon dina ieu kagiatan anu di kaping ku saurang Guru
Eusi
Lingkung
Seni Singa Depok Budaya Mekar perenahna di wewengkon Kampung Datar Jeruk, Desa Sukamulya,
Kacamatan Talegong Kabupaten Garut Propinsi Jawa Barat. Lingkung seni ieu
anggangna kira langkung sakilometer ti Kantor Desa Sukamaju.
Ieu
kagiatan kawengku ku sababaraha acara. Panata acara dina ieu kagiatan nyaeta
Ahmad Hata Nurseto. Acara-acara anu di kapayunkeun nyaeta :
1. Bubuka
2. Sambutan-Sambutan
- Sambutan ti wawakil SMAN 21 Garut
(Bp. Hilman Ramdiana, S.Pd)
- Sambutan ti Pupuhu Lingkung Seni
Singa Depok Budaya Mekar (Bp. Rahyu)
3. Tanya
Jawab
4. Pentas
Seni
![]() |
Bpk. Hilman R., S.Pd |
Acara
dibuka kirang langkung jam 9 enjing-enjing. Panata acara muka acara dina ieu
kagiatan ku ngucapkeun Bismillahirrahmanirrahim.
Parantos kitu sambutan ti wawakil SMAN 21 Garut, Bp. Hilman Ramdiana, S.Pd.
Eusi dina sambutanna bapa Hilman ngahaturkeun nuhun ka para anggota Lingkung
Seni Singa Depok Budaya Mekar anu parantos kersa diwagel waktosna ku ieu
kagiatan. Saterasna bapa Hilman amanat ka sadayana murid-murid SMAN 21 Garut
anu sarumping sangkan merhatoskeun ieu kagiatan ti mimiti dugi ka rengse, sareng
dicatet perkara-perkata anu diemut penting.
![]() |
Bpk. Rahyu |
Salajengna
acara diteraskeun ku sambutan ti Pupuhu Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar,
Bp. Rahyu. Eusi dina sambutanna bapa Rahyu ngahaturkeun nuhun ka sadayana
rengrengan bapa/ibu guru sareng murid-murid SMAN 21 Garut anu parantos kersa
sumping dina eta paguyonan. Teras ngabeberkeun kasantukang diadegkeun ieu
lingkung seni. Ngadegna ieu Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar nyaeta
kaping 13 Oktober 2004. Pimpinan ieu Lingkung Seni teh nyaeta bapa Amat, pupuhuna
bapa Rahyu sarta palatihna bapa Suhayat. Anggota ieu lingkung seni nyaeta 22
urang. Salianti Seni Singa Depok, Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar oge
aya deui kreasi seni anu sejenna nyaeta Dogdog.
Saparantosna
rengse sambutan ti Pupuhu Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar Bp. Rahyu,
dilajengkeun kana acara tanya jawab pamilon sareng ti Lingkung Seni Singa Depok
Budaya Mekar. Aya sababaraha patarosan anu ditaroskeun ku pamilon khususna
murid-murid SMAN 21 Garut. Ieu daptar patarosan anu ditaroskeun ku murid-murid
SMAN 21 Garut sinareng waleranna ti Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar.
Patarosan
kahiji ti 11 IPA, patarosanna, ”Naon
kasan tukang ngadegkeun ieu lingkung seni sareng aya henteu regenerasi dina
para personilna?” Walerna, “Kasan tukang
ngadegkeun ieu lingkung seni nyaeta pikeun ngamumule seni daerah, khususna seni
Sunda nyaeta Singa Depok.Salajengna perkawis regenerasi, saleresna mah aya
sababaraha murang kalih anu parantos dilatih ngan teu langkung ka eta murang
kalih kanggo neraskeun atanapi lirenna mah.”
Patarosan
kahiji ti 11 IPA, patarosanna, “Alat musik
naun wae anu aya dina dog-dog?” Walerna, “Alat musik anu aya dina dog-dog nyaeta saluyu jeung sorana, hiji
tingtit, kadua tong, katilu pak,sareng nu
kaopat brung.”
Patarosan
kadua nyaeta ti kelas 11 IPS, patarosanna, “Ti
mana asalna ieu seni Singa Depok?” Walerna, ”Pami ceuk asalna, ieu kasenian singa Depok teh asalna mah ti Subang
sareng Pameharan Selawi.”
Patarosan
katilu nyaeta ti kelas 10-3, patarosanna, “Kumaha
sangkan ieu budaya tetep aya/lestari?” Walerna, “Janten kumaha generasi salajengna (generasi muda). Sareng kumaha
urangna. Intina mah kudu aya karep ti generasi muda pikeun ngamajukeun ieu
kabudayaan.”
Patarosan
kaopat nyaeta ti kelas 10-2, patarosanna, “Kumaha
carana sangkan para nonoman wanoh kana seni budaya Sunda, khususna Singa Depok
ieu?” Walerna, “Janten ari kitu mah,
urang teh kedah tiasa ngabujuk para nonoman sangkan wanoh kana ieu seni Sunda.
Salah hiji carana nyaeta ku nyeueuran vareasi dina senina.”
Patarosan
kalima nyaeta ti kelas 10-1, patarosanna, “Aya
kendala naon wae dina mertahankeun ieu lingkung seni?” Walerna, “Ari kendala mah tangtos aya wae ngan ari anu
karaos abot pisan mah nyaeta perkawis anggota. Janten aya anggota anu damel di
luar kecamatan dugi ka luar kabupaten. Janten sok hese pami aya uleman kedah
tampil.”
Saparantosna
acara tanya jawab, dilajengkeun deui kana acara anu salajengna nyaeta Pentas
Seni. Pentas seni anu ka hiji nyaeta dog-dog. Acara rame pisan saban seueur
pisan para pamilonna. Dina pentas dog-dog ieu seueur murid-murid SMAN 21 Garut
anu ngiring kaul ka panggung.
Pentas
seni anu kadua nyaeta Singa Depok. Katingalna mah eta anu mangul singa Depok teh
siga hampang padahal mah henteu. Margi eta singa Depok teh beurat. Salami mangul
singa Depok teh para pamaenna ngalakukeun gerakan-gerakan anu ngiringan musik. Aya
oge sababaraha urang barudak SMAN 21 Garut anu tumpak kana eta singa Depok.
Sadaya
acara parantos dilaksanakaeun panata acara baris nutup eta kagiatan ku
ngucapkeun Alhamdulillahirabbilalamin. Saparantosna
kitu sadayana murid SMAN 21 Garut marulih ka bumina sewang-sewangan, teu hilap
silaturahmi heula kasadayana anggota Lingkung Seni Singa Depok Budaya Mekar.
Panutup
Acara Saba Budaya ditutup jam
11.30 siang kaping 9 Mei 2010. Hikmah anu tiasa ku urang tiasa dicandak tina ieu
kagiatan seueur pisan. Urang tiasa langkung wanoh kana seni Singa Depok, urang
tiasa reueus kana ieu seni, urang kedah ngalestarikeun ieu seni margi pami teu
ku urang bade ku saha deui, jeung sajabana.Baca juga:
Praktikum Alat-alat Ukur