Asik

Senin, 21 Juli 2014

Adat Kabiasaan jeung Istilah Kakandungan



Nyiram nyaéta kahayang anu kakandungan di bulan mimiti, kadaharannana biasana anu sok hararaseum jeung anu hararésé ditéangannana. Contona: hayang buah ngora, hayang numpak mobil puso. Biasana sok digugu ku anu jadi salaki téh. Ieu nyiram mun anu kahayangna teu dituruti arokna mun lahir sok ngacay.

Tingkeban mangrupa upacara salametan atawa sidkoh pikeun dara anu kakandungan opat bulan. Tujuannana sangkan jaga budak anu bakal lahir salamet. Dina prakna salametan sok diitung heula waktuna. Waktu anu dicokot téh nyaéta anu aya angka 4 na. Biasana tangal anu katompérnakeun bulan nyaéta tangal 24.

Hal-hal anu sok disadiakeun dina tingkeban nyaéta kadaharan pikeun sidkoh atawa sedekah upama baé nyaéta nyadiakeun tumpeng, biasana disebat tumpeng salamet. Tingkeban atawa babarit nyaéta salah sahiji adat urang Sunda, anu mangrupa upacara salametan pikeun dara anu kakandungan 7 bulan. Tujuannana pikeun budak anu bakal lahir salamet. Dina prakna salamet sok diitung heula waktuna. Waktu anu dicokot téh biasana tangal anu katompérnakeun nyaéta tangal 27.

Hal-hal anu sok disadiakeun dina tingkeban nyaéta kadaharan pikeun sidkoh atawa sedekah upamana baé nyaéta nyadiakeun lalab-lalaban saperti bonténg, waluh, kakacangan, lauk jeung enog. Aya kapercayaan dina tingkeban nyaéta ulah nyadiakeun dahareun peupeuncitan saperti hayam, domba, entog atawa munding. Ceuk béja orokna mun lahir sok aya tapakan dina beuheungna.

Jaba keur sidkoh bahan-bahan anu sok diayakeun téh nyaéta kudu sagala 7 rupa di antarana baé, kembang 7 rupa, lawon (samping) 7 rupa, jeung bubuahan 7 rupa. Aya bahan-bahan saperti mayang jeung dewegan konéng sahulu.

Umur kakandungan sabulan sok disebat ngahérang. Dua bulan sok disebat ngalénggang. Tilu bulan sok disebat gumulung. Opat bulan sok disebat mangrupa. Lima bulan sok disebat usik. Genep bulan sok disebat tumpak bali. Tujuh bulan sok disebat malik (borojol 7 bulan disebat karuron). Dalapan bulan sok disebat ngora. Salapan bulan sok disebat medal ka dunia. Leuwih ti salapan bulan disebat reuneuh munding.

Sababaraha istilah anu aya dina kakandungan:
1.        Paraji (bungkong)
2.        Inung beurang (bidan)
3.        Boboréh (balur anu seungit)
4.        Disamping, dibedong
5.        Bebengkung (gurita)
6.        Totondér
7.        Ditujrag (sangkan teu reuwasan)
8.        Cicirén
9.        Puput puseur, murag (coplok, lésot) tali ari-ari tina bujal.
10.    Nyeumpal, barang gubrag budakna langsung dibedong.
11.    Pipitis, balur hideung dina tarang anu ngajuru.
12.    Tarujun, ngalahirkeun anu sukuna tiheula.
13.    Kanjut kunang, wadah udel nu leupas atawa wadah paragi panglay, bawang bodas jeung sajabana.