Asik

Sabtu, 16 Februari 2013

Resensi Novel Dalingding Angin Janari

RESENSI NOVEL BASA SUNDA

A. IDENTITAS BUKU
     Judul Buku           : Dalingding Angin Janari
     Pangarang            : Usep Romli H.M.
     Penerbit               : PT. Kiblat Buku Utama Jl. Citamiang No. 33 Bandung 40121
     Rancangan Jidil     : R. Ayi Sacadipura
     Nomer                 : 225/KBU-G/2007
                                   Citakan ka-1 Dzulqaidah 1428 H/ Desember 2007
     Jumlah Halaman    : 68 halaman

B. SINOPSIS/RINGKESAN
     Kacaritakeun aya hiji wanoja jeung indungna milu nganjrek di hiji pasantrѐn nu dipimpin ku ajengan Yahya, tapi indungna mah masih misah cicing di imah Haji Burhan lanceuk ajengan Yahya. ѐta wanoja tѐh ngaranna Fenny au asalna ti Jakarta. Fenny jeung indungna ditarima ku kulawarga ajengan Yahya nu ka-3, manѐhna asa boga batur.
     Tujuan Fenny nganjrek ka ѐta pasantrѐn nyaѐta nedunan kahayang indungna nu hayang balik ka lembur. Lantaran geus teukuat nahan kanyeri, kepeurih kulantaran kalakuan bapana Fenny anu geus cul ka anak pamajikan. Kalakuan bapana Fenny mimiti robah, teu nyaah deui ka Fenny jeung indungna. Sanggeus rѐa kolѐhana jeung koneksi bisnis. Kolѐha jeung kenalan bapa Fenny sok ngayakeun acara-acara nu dihadiran ku para selebritis. Nah, bapa Fenny kajeret ku hiji selebritis. Bѐntang iklan jeung bѐntang sinѐtron kelas menengah. Anu ahirna bapa Fenny cul ka Fenny jeung indungna.
     Ku kaayaan kulawargana kitu, rumah tangga indung jeung bapana teu bener, ceuk istilah mah awѐt rajѐt. Sikep Fenny robah bertolah belakang jeung dunya Nendah di pasantrѐn dunya santri, dunya masjid, nu deukeut ka gusti Alloh. Ari Fenny dunya hiburan, dunya peuting, tempat hura-hura nu sama sakali teu pernah ѐling ka gusti Alloh ceuk paribasa Fenny geus teu paduli nanaon, rѐk hirup pѐk, rѐk paѐh pѐk, sikep Fenny kitu ti keur SMP kѐnѐh.
      Kacaritakeun dina hiji wanci janari leutik. Nendah ngulisik, biasa hudang wayah kitu, tapi harita asa horѐam cengkat. Rѐk ngaleyep deui ras ka Fenny, nitah ngageuingkeun mѐmѐh jam 03.000, hayang nyubuh ka Jakarta. Maksudna mah rѐk balik ka Jakarta. Gancang ngorѐjat, ngarawѐl jѐkѐt nu ngalumuk dina panyarandѐan korsi, rap dipakѐ sahayuna bari indit ka kamar Fenny anu teu jauh ti kamar manѐhna.
     Barang tepi ka kamar Fenny, "Numawi Nendah ka dieu gѐ, pan jangji, kedah digugahkeun janari. Sareng badѐ ngadongѐng heula mѐmѐh angkat."
     "Dongѐng naonnya? kamari mah, leres, asa seueur picarioseun ka Nendah, ka Mama, ka Embu, mung ayeuna bet laleungitan. Fenny asa bangreung."
     "Keheula Nen, nu badѐ didongѐngkeun ka Nendah. Ama sareng embu tѐh, ku Fenny tos diserat, duka sabaraha lembar. Tapi Fenny ragu-ragu masihkeunana, isin. Asa naranjangan manѐh." Kitu cenah ceuk Fenny ka Nendeh bari mikeun amplop anu nitah dibaca kѐ sanggeus Fenny indit ka Jakarta.
     Sanggeus carita, Nendah surti. tas pakѐan dijingjing dibawa ka luar. Fenny gasik nuturkeun sanggeus nusut juru panon ku tungtung jilbabna. Clak Nandah kana kolot motor mang Marwan. Fenny kana motor Ojat. Dias ka lebak, ka terminal kota kecamatan.
     Bari ngarasakeun hiuk angin Subuh, Fenny ngarasakeun suasana pakampungan di lingkungan pasantrѐn nu geus genep bulan diseuseup, dokojayan diteuleuman. Sohorѐng geus tѐrѐh nepi ka nu dijugjug, atuh anu ahirna mah Fenny angkat ka Jakarta naѐk elf ka Leuwi Panjang. Nendah ngajurung bari hatѐna ngaracakak, panonna rada beueus.
     Sanggeus nempo Fenny naѐk elf, Nandah ogѐ mulang deui ka lembur pasantrѐn. Barang tepi ka lembur Nendah gura giru bus ka imah langsung ka kamar, ucul-ucul jѐkѐt jeung jilbab, Leos ka kamar tamu nu salila genep bulan dieusian ku Fenny, kop kana amplop handapeun bantal.
     "Kandel kieu gening, naon baѐ eusina surat Fenny tѐh?" Nendah nyoѐhkeun biwir amplop, eusina kertas sababaraha lambar. Sanggeus ѐta surat dibaca ku Nendah, yѐn eusina tѐh nyaѐta nyaritakeun latar kahirupan Fenny, ogѐ sabab musabab datangna Fenny ka pasantrѐn.
     Cahaya panon poѐ haneut moyan, nyorot ngaliwatan kaca jandѐla nu can kaburu dibuka. Nendah cengkat, nunda surat Fenny luhureun meja tulis. Bray mukakeun jandѐla, gilisir angin leutik, tiis. nendah narik napas panjang. Inget kana kalakuan Fenny, genep bulan Fenny dididik, tacan dina hatѐ Fenny. Ajaran agama nu duterangkeun ku Mama, tacan mampu ngarobah uteuk jeung perasaan Fenny. Hidayah Alloh tacan gemleng lumangsur marengan prosѐs kasadaran Fenny. nendah ngahuleng, ceuk pikir Nendah. Dalingding angin ti masjid karѐk liwat dina panineungan Fenny. Tacan naper dina lelemeutanana. Tapi nendah yakin, bakal yakin, bakal aya perobahan, isuk jaganing pagѐto sanajan duka iraha.
     Kullu man alaiha fanin. Sakur nu kumelendang, taya nu langgeng di alam dunya.
     Dalingding angin ti mesjid ogѐ, moal saukur nebak saliwatan dina panineungan pasti hiji waktu bakal namper saendeng-endeng dina lelembuta, dina galura kamarudahan Fenny. Isuk pagѐto, atawa biheung iraha. Ukur Alloh nu Maha Unginga.

C. UNSUR INTRINSIK
    a. Tema                        : Pasualan Kulawarga
    b. Palaku                      :
       1. Nendah, nyaѐta anak bungsu ajengan Yahya nu jadi batur Fenny salila di pasantrѐn.
       2. Fenny, nyaѐta wanoja urang Jakarta, nu datang ka pasantrѐn pikeun nenangkeun diri.
       3. Ajengan Yahya, nyaѐta bapana Nendah, nu ngagaduhan pasantrѐn nu ditempatan ku Fenny.
       4. Emeu, nyaѐta istrina Ajengan Yahya, ibuna Nendah.
       5. Ibuna Fenny
       6. Mang Marwan, nyaѐta tukang ojѐg.
       7. Mang Ojat, nyaѐta tukang ojѐg.
       8. Papah Fenny
       9. Selebritis
       10. Vio, nyaeta sobat Fenny di Jakarta, nu ngajurumuskeun Fenny kana pergaulan bѐbas.
    c. Tempat             : 
        1. Di Jakarta
        2. Perkampungan pasantrѐn di Garut.
    d. Amanat            : ari hirup rumah tangga tѐh kudu runtut raut sauyunan. Kudu tahan kana gogoda. kalah kumaha oge geus ancur mah anak nu jadi korban.
    e. Galur Carita     : galur caritana moboh tengah, kusabab ditandaan dina tengah-tengah carita Nendah mineng nyaritakun masa ka tukang.

D. UNSUR EKSTRINSIK
    1. Atikan : nyeunaan atikan dina ѐta carita cukup alus. Jadi aya usaha hiji jalma pikeun robah tinan ngabogaan sikep gorѐng jadi alus.
    2. Agama : ditilik tina kaagamaan, dina ѐta carita kawilang alus. Kusabab, dina ѐta carita loba nyaritakeun kahirupan di pasantrѐn.
    3. Sosial : kahirupan sosial wargana dina ѐta carita kawilang alus, saluyu jeung kahirupan urang.
    4. Budaya : kabudayaan dina ѐta carita katinggalina saluyu jeung kahirupan urang sapopoѐ. 


Tidak ada komentar: