Asik

Kamis, 07 Maret 2013

Conto Naskah Seren Sumeren Basa Sunda


     Assalamu’alaikum wr.wb.
     Alhamdu nu jadi panundung rambu takabur, panyinglar rasa sarakah, panyeuseuh geugeuleuh manah, nyapukeun iri dengki nu ngancik dina diri, ngaberesihkeun hasud anu nyimbutan wujud sangkan beresih diri berséka ragateu geuneuk teu meuleukmeuk éstuning caang bulan narawangan jalan gedé sasapuan.
Patali jeung éta, langkung payus urang muji sukur ka yang Agung, muja basa kanu kawasa malah mandar keuna hampura nu maha jembar.
     Rahmat miwah kasalametan mudah-mudahan diséblok deudeuhkeun ka insan pang nyongcolangna saalam mancapada kanjeng nabi Muhamad SAW. Kapara kulawargina, para sahabatna, tabiin waltabiatna, malah mandar tur dugi ka urang sadayana umat ahir jaman anu satékah polah nyekel pageuh saripati Islam. Mudah-mudahan sing kaangken umat ku mantena sarta mudah-mudahan éta rahmat katut kasalametan sing diéprét parét diémprat ratakeun ka urang sadayana.
     Juru saur tatanan basa anu ku simkuring dipihormat, alim ulama, instansi pamaréntahan ti kawit atasan dugi ka bawahanana, nu gaduh maksad sakulawargi ogé sakulawargi hadirin walhadirot anu sami-sami ku simkuring dipihormat.
     Alahamdulillah dina danget anu mulya ieu urang sadayana tiasa riung mumpulung bongkok ngaroyok hempak merbayaksa di ieu haplah mubarokah.
     Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu lugina. Kiwari pameungkeut ranggeuy kadeudeuh, panyangcang simpay kanyaah, tali patri kaasih nu dianti ti bihari, nu didago ti baréto kiwari medal mangsana.
Salajengna simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana, réhna simkuring tos dipaparin widi, dipasihan alas pikeun ngadugikeun maksud nu dikemu ti kapungkur, ngabalakakeun maksad anu diheungheum tibaheula.
Dina kiceup anu ieu, dina rénghap anu ayeuna. Simkuring keuna ku paripaos, biwis samung leméh suku samung léngkah, seja nyesepuhan tipihak pangantén pameget.
     Dongkapna simkuring miwah rombongan ka ieu tempat ngandung maksad anu kawengku, nyandak maksad anu kariksa, gaduh niat anu utama seja masrahkeun sababaraha hal:
1.  Silaturahmi
     Khususna ka nu gaduh maksad umumna ka balaréa kalayan laksana harepan tina ladang silaturahmi, buah nepangan baraya, sing sugih rigi jeung pangarti, jembar harta nu manfaat, panjang yuswa nu barokah.
Salajengna simkuring seja nyuhunkeun dihapunten tisadayana bilih temah ti rombongan, khususna simkuring pribadi aya laku lampah nu teu ka ukur aya basa nu teu biasa, rumaos simkuring keuna ku basa biwir teu di wengku létah teu tulangan, biwir keuna ku jalir janji létah keuna ku salah basa.
2. Silatul wa’di
    Simkuring datang ti anggang cunduk ti jauh, tomorojog dongkap ka ieu tempat téh kaayaan ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngepat-ngepat nyatang pindang, sanés suwung tina maksud leupas tina seja, nanging kagungan maksud menakan maksad seja merik asih nu kamari ngancik, ngudag subaya nu jadi panyangcang rasa. Nyusul bepus bukur catur nu kapungkur, sawala anu baheula, badanten anu tipayun, badami anu kamari.
Angkatna pun anak téh dijurung ku laku sepuh, dipirig kadang wargi, dipapag kadang baraya tapi sok sanaos kitu, ieu rombongan téh ngabrulna mah ngabrul nanging teu bari manggul, ngabringna mah ngabring nanging seueur nu ngaligincing, ngaleutna mah ngaleut nanging teu nanggeuy, ceuk kasarna mah teu bungkus-bungkus kosong acan.
3. Silatul jasdi (nepungkeun 2 jasad)
    Simkuring seja nyanggakeun ieu pun anak dohir sareng batina, tiluhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, ti gigir saligincir cingir, ti hareup sabuleud peureup mangga nyanggakeun.
Nyakitu deui batinna. Pinter sareng bodona, sae miwah awonna ngancik dina diri nu tumerep dina raga pun anak hasil ngatik ngadidik ti leuleutik buruh pitutur tikapungkur, buah pangajar ti baheula éta ogé sami nyanggakeun.
     Atuh pamunut tinu janten sepuh, paneda ti ibu rama. Upami pun anak subur ku bengkung pang lempengkeun ku pangjeujeuh, upami subur ku renjul pang nyugukeun ku pitutur, upami keuna ku simbut kedul disaléndang ku horéam dipasieup ku taligeuh, ditambah balangah jeung gagabah pangnoélkeun, pangnepakeun sing dugikeun ka robih deui.
4. Silatul mal (nepungkeun harta)
    Jingjingan anu kajingjing, panggulan anu ka panggul, cacandakan anu kacandak, sasieureun sabeunyeureun mangga nyanggakeun. Sok sanaos mung alakadarna, sanes badé nyapirakeun kana maksud ngalalaworakeun kana maksad, nanging ieu mah tawis kaisin, tilam kasono ciri kadeudeuh sareng katineung, sakali deui hapunten, simkuring ngaraos janten jalmi anu heureut pakeun pangsat bahan teu tiasa ngabageakeun.
5. Silatulahmi
    Sateuacan amit mungkur tutup catur wekasan basa ahir carita. Simkuring seja ngémutan ka pun anak. Jalu anaking, kiwari cunduk waktu medal mangsa, pakait patali, pasini atos ngabukti, subaya atos nyata, sakedap deui hidep bakal robah kaayaan ngantunkeun jaman lalagasan nuju jaman rimbitan jaman anu nangtang sabar jeung tawekal. Sing hareupaneun hidep kiwari sanés ukur tanjakan sajengkal sagara sadeupa.
    Perkawis kawajiban sareng tanggung jawab anu kamari ditibakeun ka rama néng ....., sakedap deui bakal janten kawajiban sarta tanggung jawab hidep, upami kamari kirang tuangna, awon angona kawajiban ramana, sakedap deui bakal janten kawajiban hidep.
    Hidep dangukeun ieu pangwejang, turut ieu piwuruk amanat nu janten sepuh, siapkeun kaimanan tur kaislaman masing kuat, tanamkeun tabah sabar katut tawekal margi dina rumah tangga mah bagja bakal datang bingung tangtu cunduk, susah bakal karandapan. Lamun bagja anu datang poma ulah kaleuleuban, lamun bingung anu cunduk poma ulah ngarasula, lamun susah anu karandapan omat ulah aral subaha. Sing bisa narima kana qodo qodar anu kawasa.
    Tutup catur pungkasna basa, mudah-mudahan pun anak dina ngambah rumah tangga sing runtut raut sauyunan, ka cai jadi sa leuwi ka darat jadi salogak, silih asih ku pangarti, silih asah ku pangabisa, silih asuh ku pangaweruh. Keuna kubasa sakinah mawadah warohmah. Amiiii.
     Hapunten anu kasuhun hampura anu kateda, bilih aya saur anu teu ka ukur basa anu teu ka teda, ulah janten pondok nyogok panjang nyugak, sapatungul sirungan catang sapaan gantar kakaitan.
    Ahirukalam. Wassalamu’alaikum wr.wr.

Tidak ada komentar: