Di jaman baheula kacatur dihiji lembur
aya jalma anu katelah disebut Uyut Jangkung. Lantaran awakna jangkung.
Pagawéannana éta Uyut Jangkung nyieunan pakarang atawa anu katelah tukang panai
dilemburna. Dina hiji waktu, nalika Uyut Jangkung keur nyieun pakarang di
imahna, manéhna kadatangan tamu ti hiji lembur. Yén éta tamu téh boga maksud
rék mihapékeun anakna pikeun jadi tukang panai. Mun ceuk basa lomana mah harita
Uyut Jangkung narima éta budak téh pikeun jadi muridna. Unggal poé éta budak
mantuan Uyut Jangkung nyieunan pakarang tina beusi.
Dina hiji waktu, Uyut Jangkung jeung éta
budak indit ka hiji tempat pikeun néangan beusi jang bahan nyieun pakarang. Di
tengah-tengah jalan, éta budak nanya ka Uyut Jangkung.
“Uyut! Naon sababna Uyut seueur nyieunan
pakarang tina beusi?.” éta nanya ka Uyut Jangkung.
“Yeuh, Ujang. Sabenerna dina beusi téh
aya hiji simbol anu mangrupakeun kakuatan. Dimana éta kakuatan dipaké dina
jalan anu hade, maka tangtu baris ngahasilkeun kahadéan. Jeung dimana lamun
dipaké dina jalan kagoréngan, tangtu bakal jadi hiji kagoréngan. Jeung dimana
Ujang lamun geus bias ngalumpuhkeun kana teuasna beusi maka tangtu Ujang baris
meunang kakuatan anu kacida rohakana, anu moal aya hiji jalma oge anu nandingan
kana éta kakuatan.” pokna ceuk Uyut Jangkung.
“Uyut! Kakuatan naon éta téh?” éta budak
nanya deui ka Uyut Jangkung
“Ah, engké ogé manéh bakal apal
sorangan.” Témbal Uyut Jangkung.
Terus éta budak maksa ka Uyut Jangkung
sangkan nurunkeun élmuna ka manéhna. Ngan Uyut Jangkung teu nyumponan kana
kahayang éta budak, sabab kasieunan bisi dijadikeun kakuatan pikeun
ngadoréksakeun batur.
Nepikeun dina hiji mangsa, Uyut Jangkung
keur nyieun keris anu lekukanna aya tujuh. Ngadak-ngadak dating budak anu jadi
muridna Uyut Jangkung, anu geus lila ngarep-ngarep hayang dibéré élmu anu
kacida rohakana. Ngan dina éta waktu Uyut Jangkung jeung éta budak paloba-loba
omong. Anu ahirna éta budak ngarawél kana keris anu dicekel ku Uyut Jangkung,
tuluy disabetkeun kana beuheungna Uyut Jangkung.
Anu ahirna, beuheung jeung sirah Uyut
Jangkung papisah. Tuluy éta budak ngubur awakna Uyut Jangkung dina antara dua
sisi amahna Uyut Jangkung. Ngan geus nguburkeun sirah jeung awakna Uyut
Jangkung, éta budak keuna ku satruna Uyut Jangkung yén éta budak moal bias
ngaléngkahkeun sukuna nepikeun ka éta budak jadi hiji gunung.
Ahirna sapaan Uyut Jangkung keuna ka éta
budak. Ahirna awak éta budak robah jadi hiji gunung.
Hatur Nuhun..
Lihat juga
Percobaan Fisika Lucu dan Menarik
Hatur Nuhun..
Lihat juga
Percobaan Fisika Lucu dan Menarik
Tidak ada komentar:
Posting Komentar